Rabu, 26 Februari 2014

Autobiografi saya Meliana Putri

Meliana Putri ~ XITKJ3 ~ SMKN 13 BANDUNG
Basa Sunda ~ Autobiografi


Tepangkeun nami abdi Meliana Putri, salah sahiji nami anu dipasihan ku punbapa sareng pun biang, kuring dibabarkeun dina dinten Rebo, kaping 2 Juli taun 1997 di salah sahiji puskesmas anu aya di daerah Cicadas. Kuring putra ti pasangan suami istri pun bapa Solihin sareng pun biang Yuli Marlina. Alhamdullillah abdi lahir normal sareng dina kaayaan sehat, upami teu leupat mah beurat 3,5 kg sareng jangkung 50 cm. Lahir na abdi ka dunya ieu teh meuni di arep-arep pisan ku pun bapa sareng ku pun biang kumargi pun bapa sareng pun biang teh hoyong pisan gaduh putra.
Kawitna mah abdi teh dipasihan nami Meliana Solihin Putri ku pun bapa, ngarah sami sareng bapa, ngan duka kumaha saurna eta nami teh beurat teuing panginten janten sok rieut wae abdi na, nya gentos deui nami abdi teh janten Meliana Putri.
Uih ti puskesmas abdi langsung di canak ka bumi di daerah Sukamiskin Bandung, di bumi kulawargi ti mamah tos ngantosan abdi sakulawarga, kulawargi ti bapa mah teu acan sarumping kumargi jauh di Kuningan janten ngan dikabaran hungkul. Abdi teh incu katilu di kulawargana mamah lamun di kulawargi bapa mah incu kalima. Sababaraha bulan abdi aya dina pangasuhan pun biang, mamah ngahaja liren heula didamel na dugi ka abdi umur dua taun, teras abdi diasuh ku tatanggi di caket bumi.
Nincak umur tilu taun tepatna dina taun 2000, abdi sakulawargi diajak ku abah pindah ka daerah cileunyi, ngarah caket sareng abah saurna. Salami tilu taun abdi di asuh ku abah da mamah sareng bapa di damel. Dina taun 2003 tepatna abdi umur 6 taun abdi tos cukup umur kangge lebet SD, da kapungkur mah 6 taun tos tiasa leubet SD henteu jiga ayeuna kedah 7 taun, abdi sakola di SDN Mekar Asih Cileunyi nu sakola na di caket bumi, sabari sakola abdi lebet ka TKA ( Taman Kanak-Kanak Al-Qur’an ) Akhlakul Muhajirin di daerah Cipacing sami heunteu jauh ti bumi. Janten Alhamdullillah kelas 2 SD teh abdi tos tiasa ngaos Al-Qur’an kelas 3 na alhamdullillah tos khatam Al-Qur’an. Di kelas 3 oge abdi di pasihan pun adi anu lucu ku Gusti Allah SWT, pameget dinamian Hildan Maulana Putra, hampir mirip nami na sareng abdi sami lahirna pun adi oge di arep-arep ku pun bapa sareng pun biang. Salami 6 taun diajar di SD abdi alhamdullillah kenging wae peringkat 3 besar di kelas, ngan dina UN taun 2009 abdi kenging nilai anu kirang ageung nyaeta 23.15. Ku nilai sakitu abdi nyobian daptar ka sakola SMPN 1 Rancaekek ngan teu ka tampi kumargi eta nilai teu nyekapan, teras abdi nyobian daftar deui ka SMP anu di daerah Cileunyi, alhamdullillah di antara 3 SMP Negri nu aya di Cileunyi abdi katampi na di SMPN 3 Cileunyi, alhamdullillah pisan ku nilai sakitu abdi tiasa leubet ka SMP Negri.
Salami 3 taun di ajar di SMPN 3 Cileunyi, abdi ngalaman ngiring organisasi siswa nyaeta OSIS, abdi janten anggota OSIS bidang 2 nyaeta ngeunaan bela negara, kawarganagaraan kitu, sareng abdi teh ngiringan PASKIBRA seueur pisan pangalaman na di PASKIBRA teh tinu lomba-lomba na sareng pernah ngiring janten pasukan Pengibaran Bendera Merah Putih 17 Agustus di tingkat Kabupaten, janten abdi teh gaduh gelar nya istilah na mah PASKIBRAKA Kabupaten Bandung.
Dikelas VII atanapi kelas 2 SMP tepatna kaping 12 Agustus 2010 abdi ngagaduhan carita atanapi pangalaman anu paling pait nu pernah kaalaman saumur-umur hirup abdi nyaeta dikantunkeun ku pun biang nu paling dipikanyaah ku abdi, eta janten pangalaman pait anu moal tiasa dipohokeun. Abdi sakulawarga hususna pun bapa kacida sedih pisan ningali kanyataan anu sakitu peurihna, henteu nyangka pisan dina umur 13 taun abdi tos dikantunkeun ku pun biang, nya kumaha deui da takdir Allah mah moal tiasa di robih, sababaraha bulan abdi ngusahakeun diri abdi ngarah kuat nyanghareupan masa nu bakal datang, abdi kedah janten ibu sakaligus lanceuk kangge pun adi anu alit keneh, karunya pisan ka pun adi alit keneh tos dipasihan cobian anu ageung. Alhamdullillah sagala cobian anu di pasihan ku Gusti Allah henteu matahkeun sumangat abdi kangge diajar, katingal dina prestasi di kelas alhamdullillah 5 besar mah katampi wae. Sataun waktos teu karaos abdi ayeuna tos kelas IX atanapi kelas 3 SMP, puguh wae abdi teh kedah siap-siap kangge UN, abdi soson-soson diajar ngarah henteu jiga UN pas SD, dina UN taun 2012 ieu alhamdullillah abdi kenging nilai anu lumayan ageung nyaeta 34,20 eta nilai teh janten paringkat katilu nilai UN di SMP 3.
Abdi ditawaran neraskeun sakola teh ka lembur bapa ka Kungingan, ngan da abdi na alim nya alesan na mah alim jauh ti bapa. Kumargi abdi ti SMP keneh tos mutuskeun hoyong pisan neraskeun sakola teh ka SMKN 13 Bandung ngan teu terang hoyong jurusan naon, kumargi seeur pisan anu nyarios yen lulusan 13 teh sararae akhlakna, pararinter, gampang milarian damelna, teras abdi teh wawartos kitu ka pun bapa, nya pun bapa mah ngawaler nya eta mah kumaha teteh nu ngalakonan teteh sanes bapa ngan bapa mah hoyong hiji kudu bener-bener diajar na tong ngan hoyong ameng hungkul,kitu saurna teh. Tidinya abdi tos gaduh izin ti bapa kangge sakola di SMKN 13, mulai neangan impormasi-impormasi di SMKN 13, jurusan naon wae kumaha cara leubetna, testing na kumaha wae jsb. Abdi kenging impormasi di SMKN 13 teh aya 2 jurusan nyaeta Analis Kimia ( AK ) sareng Teknik Komputer Jaringan ( TKJ ), abdi langsung hoyong ka jurusan TKJ duka kunaon asa hoyong pisan, tapi tos terang kitu pun bapa teu ngawidian abdi leubet ka TKJ teh hoyong na mah ka AK saurna da TKJ mah pasti pameget hungkul, nya abdi teh masihan sagala alesan kangge kenging izin ti bapa, alhamdullillah tos kenging izin ti bapa teras abdi daftar ka SMKN 13, da SMKN 13 mah daftar na online janten henteu ribet teuing, teras kitu abdi ngaliwatan sababaraha test ti mimiti test kasehatan, test psikotest, sareng test akademik, kumargi leubet ka SMKN 13 mah henteu ningal kana hasil nilai UN. Abdi ngaraos sieun pisan upami teu tiasa leubet ka SMKN 13 teh, kumargi upami henteu di SMKN 13 teh abdi bakal neraskeun sakola di Kungingan, dina poe pangumuman katampi henteu na di SMKN 13 alhamdullillah pisan abdi katampi di jurusan TKJ.
Abdi leubet di SMKN 13 Bandung kelas  X TKJ 1 , pikirna abdi sakola di SMK teh bakal moal hese tapi henteu geuning malah asa leuwih beurat, benten pisan sareng SMP dina palajaranna, dina waktos diajar na jsb, sataun mimiti mah alhamdullillah tiasa keneh ka udag dina palajaranna, masih keneh sumanget diajarna tapi kadang sok asa cape kitu sakola teh angkat na subuh uih na sonten ciga anu di damel da puguh jauh tea sakola na, tapi da kumaha deui  abdi kedah tetep sumanget diajar kan tujuan awal na oge leubet ka SMKN 13 teh hoyong gancang-gancang di damel saatos lulus. Pas kanaekan ka kelas X alhamdullillah adi kenging rangking ka-7 di kelas, ayeuna abdi tos kelas XI atanapi kelas 2 SMK, abdi di kelas XI TKJ 3 ayeuna mah nuju rieut-rieut na mikiran tugas sareng ulangan.. Insyaallah sataun langkung ka payun abdi bakal teras didieu diajar, insyaallah bakal lulus dina taun 2015 sareng sadaya rerencangan saangkatan TKJ amiinn....
Sakitu wae panginten anu tiasa kapihatur tina autobiografi abdi sagala pangalaman bungah sareng perihna, punten bilih aya basa atanapi kecap anu lepat, mugia abdi dijantenkeun jalmi anu kuat sareng anu tiasa janten kabanggaan kulawarga. Amiinn... Hatur Nuhun..


Tidak ada komentar:

Posting Komentar