Meliana
Putri ~ XITKJ3 ~ SMKN 13 BANDUNG
Basa
Sunda ~ Autobiografi
Tepangkeun nami abdi Meliana
Putri, salah sahiji nami anu dipasihan ku punbapa sareng pun biang, kuring
dibabarkeun dina dinten Rebo, kaping 2 Juli taun 1997 di salah sahiji puskesmas
anu aya di daerah Cicadas. Kuring putra ti pasangan suami istri pun bapa
Solihin sareng pun biang Yuli Marlina. Alhamdullillah abdi lahir normal sareng
dina kaayaan sehat, upami teu leupat mah beurat 3,5 kg sareng jangkung 50 cm. Lahir
na abdi ka dunya ieu teh meuni di arep-arep pisan ku pun bapa sareng ku pun
biang kumargi pun bapa sareng pun biang teh hoyong pisan gaduh putra.
Kawitna mah abdi teh dipasihan
nami Meliana Solihin Putri ku pun bapa, ngarah sami sareng bapa, ngan duka
kumaha saurna eta nami teh beurat teuing panginten janten sok rieut wae abdi
na, nya gentos deui nami abdi teh janten Meliana Putri.
Uih ti puskesmas abdi langsung
di canak ka bumi di daerah Sukamiskin Bandung, di bumi kulawargi ti mamah tos
ngantosan abdi sakulawarga, kulawargi ti bapa mah teu acan sarumping kumargi
jauh di Kuningan janten ngan dikabaran hungkul. Abdi teh incu katilu di
kulawargana mamah lamun di kulawargi bapa mah incu kalima. Sababaraha bulan
abdi aya dina pangasuhan pun biang, mamah ngahaja liren heula didamel na dugi
ka abdi umur dua taun, teras abdi diasuh ku tatanggi di caket bumi.
Nincak umur tilu taun tepatna
dina taun 2000, abdi sakulawargi diajak ku abah pindah ka daerah cileunyi,
ngarah caket sareng abah saurna. Salami tilu taun abdi di asuh ku abah da mamah
sareng bapa di damel. Dina taun 2003 tepatna abdi umur 6 taun abdi tos cukup
umur kangge lebet SD, da kapungkur mah 6 taun tos tiasa leubet SD henteu jiga
ayeuna kedah 7 taun, abdi sakola di SDN Mekar Asih Cileunyi nu sakola na di
caket bumi, sabari sakola abdi lebet ka TKA ( Taman Kanak-Kanak Al-Qur’an )
Akhlakul Muhajirin di daerah Cipacing sami heunteu jauh ti bumi. Janten
Alhamdullillah kelas 2 SD teh abdi tos tiasa ngaos Al-Qur’an kelas 3 na
alhamdullillah tos khatam Al-Qur’an. Di kelas 3 oge abdi di pasihan pun adi anu
lucu ku Gusti Allah SWT, pameget dinamian Hildan Maulana Putra, hampir mirip
nami na sareng abdi sami lahirna pun adi oge di arep-arep ku pun bapa sareng
pun biang. Salami 6 taun diajar di SD abdi alhamdullillah kenging wae peringkat
3 besar di kelas, ngan dina UN taun 2009 abdi kenging nilai anu kirang ageung
nyaeta 23.15. Ku nilai sakitu abdi nyobian daptar ka sakola SMPN 1 Rancaekek
ngan teu ka tampi kumargi eta nilai teu nyekapan, teras abdi nyobian daftar
deui ka SMP anu di daerah Cileunyi, alhamdullillah di antara 3 SMP Negri nu aya
di Cileunyi abdi katampi na di SMPN 3 Cileunyi, alhamdullillah pisan ku nilai
sakitu abdi tiasa leubet ka SMP Negri.
Salami 3 taun di ajar di SMPN 3
Cileunyi, abdi ngalaman ngiring organisasi siswa nyaeta OSIS, abdi janten
anggota OSIS bidang 2 nyaeta ngeunaan bela negara, kawarganagaraan kitu, sareng
abdi teh ngiringan PASKIBRA seueur pisan pangalaman na di PASKIBRA teh tinu
lomba-lomba na sareng pernah ngiring janten pasukan Pengibaran Bendera Merah
Putih 17 Agustus di tingkat Kabupaten, janten abdi teh gaduh gelar nya istilah
na mah PASKIBRAKA Kabupaten Bandung.
Dikelas VII atanapi kelas 2 SMP
tepatna kaping 12 Agustus 2010 abdi ngagaduhan carita atanapi pangalaman anu
paling pait nu pernah kaalaman saumur-umur hirup abdi nyaeta dikantunkeun ku
pun biang nu paling dipikanyaah ku abdi, eta janten pangalaman pait anu moal
tiasa dipohokeun. Abdi sakulawarga hususna pun bapa kacida sedih pisan ningali
kanyataan anu sakitu peurihna, henteu nyangka pisan dina umur 13 taun abdi tos
dikantunkeun ku pun biang, nya kumaha deui da takdir Allah mah moal tiasa di
robih, sababaraha bulan abdi ngusahakeun diri abdi ngarah kuat nyanghareupan
masa nu bakal datang, abdi kedah janten ibu sakaligus lanceuk kangge pun adi
anu alit keneh, karunya pisan ka pun adi alit keneh tos dipasihan cobian anu
ageung. Alhamdullillah sagala cobian anu di pasihan ku Gusti Allah henteu
matahkeun sumangat abdi kangge diajar, katingal dina prestasi di kelas
alhamdullillah 5 besar mah katampi wae. Sataun waktos teu karaos abdi ayeuna
tos kelas IX atanapi kelas 3 SMP, puguh wae abdi teh kedah siap-siap kangge UN,
abdi soson-soson diajar ngarah henteu jiga UN pas SD, dina UN taun 2012 ieu
alhamdullillah abdi kenging nilai anu lumayan ageung nyaeta 34,20 eta nilai teh
janten paringkat katilu nilai UN di SMP 3.
Abdi ditawaran neraskeun sakola
teh ka lembur bapa ka Kungingan, ngan da abdi na alim nya alesan na mah alim
jauh ti bapa. Kumargi abdi ti SMP keneh tos mutuskeun hoyong pisan neraskeun
sakola teh ka SMKN 13 Bandung ngan teu terang hoyong jurusan naon, kumargi
seeur pisan anu nyarios yen lulusan 13 teh sararae akhlakna, pararinter, gampang
milarian damelna, teras abdi teh wawartos kitu ka pun bapa, nya pun bapa mah
ngawaler nya eta mah kumaha teteh nu ngalakonan teteh sanes bapa ngan bapa mah
hoyong hiji kudu bener-bener diajar na tong ngan hoyong ameng hungkul,kitu
saurna teh. Tidinya abdi tos gaduh izin ti bapa kangge sakola di SMKN 13, mulai
neangan impormasi-impormasi di SMKN 13, jurusan naon wae kumaha cara leubetna,
testing na kumaha wae jsb. Abdi kenging impormasi di SMKN 13 teh aya 2 jurusan
nyaeta Analis Kimia ( AK ) sareng Teknik Komputer Jaringan ( TKJ ), abdi
langsung hoyong ka jurusan TKJ duka kunaon asa hoyong pisan, tapi tos terang
kitu pun bapa teu ngawidian abdi leubet ka TKJ teh hoyong na mah ka AK saurna
da TKJ mah pasti pameget hungkul, nya abdi teh masihan sagala alesan kangge
kenging izin ti bapa, alhamdullillah tos kenging izin ti bapa teras abdi daftar
ka SMKN 13, da SMKN 13 mah daftar na online janten henteu ribet teuing, teras
kitu abdi ngaliwatan sababaraha test ti mimiti test kasehatan, test psikotest,
sareng test akademik, kumargi leubet ka SMKN 13 mah henteu ningal kana hasil
nilai UN. Abdi ngaraos sieun pisan upami teu tiasa leubet ka SMKN 13 teh,
kumargi upami henteu di SMKN 13 teh abdi bakal neraskeun sakola di Kungingan,
dina poe pangumuman katampi henteu na di SMKN 13 alhamdullillah pisan abdi
katampi di jurusan TKJ.
Abdi leubet di SMKN 13 Bandung
kelas X TKJ 1 , pikirna abdi sakola di
SMK teh bakal moal hese tapi henteu geuning malah asa leuwih beurat, benten
pisan sareng SMP dina palajaranna, dina waktos diajar na jsb, sataun mimiti mah
alhamdullillah tiasa keneh ka udag dina palajaranna, masih keneh sumanget
diajarna tapi kadang sok asa cape kitu sakola teh angkat na subuh uih na sonten
ciga anu di damel da puguh jauh tea sakola na, tapi da kumaha deui abdi kedah tetep sumanget diajar kan tujuan
awal na oge leubet ka SMKN 13 teh hoyong gancang-gancang di damel saatos lulus.
Pas kanaekan ka kelas X alhamdullillah adi kenging rangking ka-7 di kelas,
ayeuna abdi tos kelas XI atanapi kelas 2 SMK, abdi di kelas XI TKJ 3 ayeuna mah
nuju rieut-rieut na mikiran tugas sareng ulangan.. Insyaallah sataun langkung ka
payun abdi bakal teras didieu diajar, insyaallah bakal lulus dina taun 2015
sareng sadaya rerencangan saangkatan TKJ amiinn....
Sakitu wae panginten anu tiasa
kapihatur tina autobiografi abdi sagala pangalaman bungah sareng perihna,
punten bilih aya basa atanapi kecap anu lepat, mugia abdi dijantenkeun jalmi
anu kuat sareng anu tiasa janten kabanggaan kulawarga. Amiinn... Hatur Nuhun..